Pancawedani
Panca téh Lima
We téh Cai
Dani téh Sapu Nyéré
1
Bwah (hasil). Dina narima hasil usaha téh kudu jiga bumi nu suci. Nalika diolah, diturunkeun, ditaékeun, dikotoran, dicampuran, henteu disusut henteun pundung, henteu motah henteun ingkah, salawasna ajeg ngamalkeun ka-pratiwi-an (aturan kaduniawian);
2
Paksa (Tujuan). Dina ngudag tujuan hirup téh kudu jiga cai. Waktu bijil tina huluwotanna éstu bersih canémbrang hérang, tuluy ngocor, tiis jeung teu kahalangan, ngocor nepi ka sagara;
3
Huning (Pangaweruh). Pangaweruh téh kudu jiga angin nu awalna bijil ti kulon, kudu karasa ngahiliwir niiskeun awak urang jeung teu aya hahalangna waktu bijil ka alam dunya;
4
Temen (Enya-enya). Sumanget téh kudu jiga seuneu keur ganggaman (alat), hurung ngagedur dina méré mangfaat ka jalma réa;
5
Daék (Kahayang). Kadaék téh kudu jiga mata poé, nu nalika bijilna teu kahalangan ku méga, ku haseup jeung halimun nepi ka surup di tebéh kulon, lantaran kadorong ku hiji kasadaran kana lampah.